Materi Dakwah - Syarat CINTA ka NABI MUHAMMAD SAW (Versi bahasa sunda) lucu abiiiss

السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Puja anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka gusti ‘Azza Wajalla, anu parantos ngadamel alam dunya jeung eusi-eusina katut manusia, anu sapertos mang Jafra, anu kasepna kabina-bina, saperti tukang nangka, anu lir ibarat mutiara, anu turun ka alam dunya, kawas bidadara, anu henteu aya duana.
Atuh puji anu janten panghias ati urang sanggakeun kanu maha suci, anu parantos ngadamel langit sareng bumi, di darat atanapi di cai, saperti neng Suci anu gelisna kawanti-wanti, anu  henteu aya nyaingi, anu saperti bidadari anu turun ti surgawi kanggo para santri, tapi lain kunti ih… ih… ih…
Atuh teu hilap sholawat sareng salamna urang limpahkeun ka baginda alam, revolusi Islam sedunia, pendobrak kebathilan dan kemungkaran, pembawa umat Islam dari jaman jahiliyah nuju kana jaman ilmiyah, tina jaman onta nuju kana jaman toyota, Yakni Habibana Wanabiyana Muhammad saw. Atuh teu hilap ka kulawargina atanapi The Big Familyna, sareng Shohabat-shohabatna, Tabi’in Ata’ Tabi’inna tur dugikeun ka urang sadayana anu turut ka mantenna. Sareng mudah-mudahan urang sadayana sing diangken umat kanjeng nabi, anu matak ngabageakeun kanjeng nabi lain umat anu matak ngisinkeun kanjeng nabi. Amin………
Para santriyin generasi para ulama….amin…. anu didamba-dambakeun ku setiap para wanita, insya Allah pribados bade ngabahas :
“Syarat-syarat Cinta ka Kanjeng Nabi”
Tapi sateuacanna, pribados nyuhunkeun dihapunten boh bilih seueur kalepatan.
Para santri santriyin rohimakumulloh…..
Jadi syarat cinta ka kanjeng nabi te aya tilu element dulur… lain rambu-rambu cinta, lain juga senyum-senyum cinta. Tapi syarat-syarat cinta cooy. nyaeta nu ka :
1. kudu kenal
2. kudu resep
3. warisan
Sarat cinta anu kahiji nyaeta kudu kenal.
Urang moal tiasa kenal ka kanjeng nabi, urang moal bisa wawuh ka kanjeng nabi, lamun teu aya nu ngawawuhkeun ka kanjeng nabi, nyaeta saha anu ngawawuhkeun nana ? nyaeta para ulama. Urang bisa wawuh ka kanjeng nabi the ku sabab para ulama. Karena ulama, urang bisa nyaho ka ramana kanjeng nabi, ka ibuna kanjeng nabi, jeung dilahirkeun di mana, sareng hijrah ka mana?
Para hadirin santriyin rohimakumullah ……
Syarat cinta anu ka dua nyaeta resep atanapi mahabah.
Jadi lamun urang geus kenal ka kanjeng nabi, geus wawuh ka kanjeng nabi insya Allah di dalam hati yang paling dalam (sanubari) pasti timbul rasa cinta, resep dan sayang, jadi weh hoyong paamprok kanu namina kanjeng nabi Muhammad saw. Sebab terlanjur sayang, cinta dan resep ka kanjeng nabi Muhammad saw.
Urang oge sami, lamun geus cinta ka awewe, terus inget ka eta awewe dugikeun ka terbayang terus akan wajah eta awewe. Rek dahar inget ka eta awewe, rek nginum inget ka eta awewe, rek sare inget ka eta awewe’dugikeun ka rek modol inget ka eta awewe, sareng deui kahoyong eta awewe pasti dicumponan, kusabab naon? Ku sabab cinta ka eta awewe. Sampai-sampai malah-malah dugikeun ka artis yang paling cantik sejagat raya naeta Evi Tamala berkumandang dalam syairnya  :
Mau makan terinngat padamu
Mau minum teringat padamu
Selalu teringat ……….
Malah-malah artis yang paling populer dikalangan para artis nyaeta Obi Mesti didalam lagunya
Tak kenal makanya tak sayang
Tak sayang makanya tak cinta
Para hadirin rohimakumullah…
Malah-malah seorang pujangga telah berkomentar :
Manusia kalau tidak mempunyai rasa cinta, itu bagaikan malam tanpa bintang.
Jeng lamun cinta henteu aya ikatan nu kuat, itu bagaikan kopi henteu aya gulaan.
Jadi hambar cooy….. sepi cooy…. Pait cooy….
Lanjut ah…. Nyambung terus XL murah…….
Para hadirin, santriyin rohimakumullah…
Syarat anu ka tilu nyaeta resep kana warisan.
Tapi lain resep kana harta banda kanjeng nabi, lain resep kana perkakas kanjeng nabi, da kanjeng nabi mah lain ngawaris kana harta banda sareng kana duit, tapi kanjeng nabi ngawaris kana dua titinggalan. Lamun tea mah waktu harita kanjeng nabi ditawaran ku malaikat Zibril ti dituna ti gusti Allah, ditawaran gunung jabal uhud jadi emas. Tapi kumaha kanjenng nabi langsung nolak kana eta tawaran.
Saur malaikat Zibril : ya Muhammad, lamun anjeun dibere gunung uhud jadi emas hayang teu?
Saur nabbi : ah… alim ah… embung ah
Saur malaikat Zibril : naha kunaon ya Muhammad? Naha kurang loba?
Tapi kumaha saur nabi : lain kurang loba, tapi harta eta the dunia, dunia teh nyaeta kahirupan anu bakal ruksak, isukan aya, pageto euweuh. Isukan euweuh ayeuna aya lain anu abadi. Tapi kaula mah neanngan anu abadi.
Para hadirin santriyin rohimakumullah…
Naon-naon titinggalan kanjeng nabi te anu pikeun urang sadayana.
Nabi ngadawuh dina haditsna :
)……………..)
“jadi ninggalkeun kaula pikeun maraneh kabeh nyaeta aya dua perkara. Lamun maneh kabeh berpegang teguh atanapi nyekel pageh kana eta dua perkara insya Allah maraneh kabeh moal sasar salawasna. Anu dua perkara te nyaeta Al-Qur’an sareng Hadits Nabi Muhammad saw.
Jadi jelas lamun urang nyekel kana eta Al-Quran sareng hadits teh urang sadayana moal sasar. Tah ieu warisan kangjeng nabi anu ditinggalkeun pikeun urang sadayana.
Para hadirin rohimakumullah………………
Jadi kesimpulanana the lamun cinta ka kangjeng nabi, urang kudu memiliki syarat-syarat cinta ka kangjeng nabi. Jadi, lamun urang nyebutkeun cinta, tapi teu ngabogaan syarat-sarat cinta ka kangjeng nabi, ta eta the bohong.
Para hadirin santriyin rohimakumullah……………
Tah sa kieu wae ti pribados,oh bilihna seueur kalepatan,kahilapan dina tata titina rumaos masih keneh jadi santri, pangalamanna masih serba terbatas.
Jalan-jalan ka karawang
Neangan mojang anu herang tur lenjang
Lain te hayang nyarita anu panjang-panjang
Margi awak geus hareudang tur bayeung yang
Saninten buah saninten
dijual di parapatan
Hapunten abdi hapunten
boh bilih aya kalepatan.      
والله الموافق الى اقوام الطريق
والسّلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Komentar