Isro Mi’raj
Part 1
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الْحَمْدُ
لِلهِ الذِيْ اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ
اِلَى الْمَسْجِدِ الاقْصَى الذِيْ بَارَكْنَا حَوْلَه لِنُرِيَه مِنْ
ايتنَا إِنَّه هُوَ السميعُ الْبَصِيْر . " اللهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِى
رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ وَحَصِّلْ مَقَاصِدَنَا "
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…
Langkung
tipayun hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Allah anu
maha suci,nyanggakeun puja anu biasa ka dzat anu maha kawasa,sarta
nyerenkeun syukur ka dzat anu maha ghofur,anu parantos masihan ni’mat
panjang umur,alhamdulillah dina dangeut ayeuna urang sadayana tiasa
patepung lawung patepang wajah paamprok jonghok,riung mungpulung,bongkok
ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah,anu tujuanana teu aya sanes deui
iwal ti seja ibadah, seja ngalaksanakeun parentahanana jeung hoyong
kenging karidhoanana.
Oge
sholawat sinareng salamna mudah-mudahan Allah SWT ngalimpahkeun ka
baginda tercinta, baginda termulya, pimpinan di atas pimpinan, pemimpin
anu cinta umat, pemimpin anu cinta rakyat, anjeuna pamimpin anu teu
wantun ngaleeut hiji teguk cai, upama tukangeunana masih keneh aya
rakyat anu kahausan, anjeuna jalmi anu teu wantun tuang, lamun
gigireunana aya keneh jalma anu kalaparan, nyatana baginda nabi besar
Muhammad SAW.
Dina ieu sa’ah nu Mubarokah insya Allah sim kuring bade ngabahas “ Isro Mi’roj Nabi Besar Muhammad SAW “
Cing
Sim Kuring ayeuna bade naros heula ka ibu-ibu, ari ibu-ibu terang teu
naon isro mi’roj teh? Ari Isro teh pami ceuk santri mah shegatna nyaeta
mashdar tina fiil lazim lafadz سَرَى nu di muta’adikeun ku Hamzah, jadiأَسْرَى – يُسْرِىْ – إِسْرَاءً , hartosna
nyaeta memperjalankan, teras nu jadi fa’ilna nyaeta lafadz Allah sanes
lafadz Muhammad, margi lafadz Muhammad mah jadi maf’ul bih atanapi
objek. Matakan hartosna oge gusti Allah nu memperjalankan kanjeng nabi,
ti mana Pa Bu kanjeng nabi ngawitan
isrona? Naha ti nagrog ? naha ti Plered ? atanapi naha ti Purwakarta ?
Sanes, Sanes Sa……..nezzzz. Yang jelas para hadirin kanjeng nabi teh
ngawitan isrona nyaeta : Minal masjidil haroom ilal masjidil aqsho : ti
masjidil harom nu aya di Mekkah ke masjidil aqsho nu aya di Palestina
Teras
ari ngaran mi’roj nyaeta perjalanan kanjeng nabi ti masjidil aqsho ke
langit satu, dua, tiga, opat, lima, genep, tujuh, teras ka sidrotul
muntaha, rofrofil a’la dugika Mustawa’.
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…
Nalika
kanjeng Nabi aya di Mustawa, di dinya kanjeng Nabi Muhammad SAW ningali
aya jalmi anu nuju teuleum dina lautan cahaya, ngarasa reuwas kanjeng
nabi ningali aya jalmi anu nuju teuleum di lautan cahaya, langsung
kanjeng nabi naros ka gusti Allah : Gusti !!! saha eta teh anu nuju
teuleum dina lautan cahaya? Langsung di waler: eta anu nuju teuleum dina
lautan cahaya teh nyaeta umat anjen anu waktos di duniana sok dzikir ka
Allah SWT nepika baseuh dua biwirna. Cing Pa Bu lamun urang sok dzikir
ka gusti Allah, kira-kira biwir urang dugika baseuh henteu ??? kadang
urang boga biwir teh baseuhna ibu lain pedah tos dzikir ka gusti Allah, tapi baseuh karena
sibuk ngarumpi jeung tetangga betul apa betulll? Matakan hadirin pami
urang hoyong cara nu teuleum dina lutan cahaya, wayahna urang kedah daek
daek jeung da….ek dzikir ka Gusti Allah Subhanahu…… wata’ala. Tah eta
para hadirin panginten sekilas tentang isro wal mi’roj.
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…
Ayeuna
hadirin, banget naon atuh pangna urang ngayakeun acara isro wal mi’roj?
Nepika urang sanggup calik jeung ngadeg ti tadi di dieu?? Nah
jawabannya adala….h ( ang ing e…..ng ), nyaeta sabab cinta ka kanjeng Nabi. Cing kira-kira urang dieu cinta henteu ka kanjeng Nabi…? ( Cinta….) pami ka abdi…?
Cing pami leres leres urang cinta ka kanjeng, ayeuna cobi pangwalerkeun:
Dari
mana datangna cinta?... “ dari mata turun ke hati ” ( eta pami awewe
zaman baheula ), tapi pami zaman kiwari mah pasti benten deui jawabanna
sanes dari mata turun ke hati deui tapi….naon cinggggg: “ dari mata
turun ke dommmmpe…t “ tah di dieu aya nu kitu aya….? Pami aya, naon cing
nu kitu namina…? ( M A T R E…) tah pa , bu ari geus cinta mah saleresna
tos lain dompet deui nu di tingali teh, tapi naon eusina dompet. Tah
kitu deui urang sanaos mata dzohir teu bisa ningal kanjeng Nabi, tapi hate jeung bathin urang pasti ada rasa cinta jeung sono ka kanjengggg Nabi…
“ Sebuah nama yang terukir di hatikuuu,
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum….
Ku kituna yu urang tanamkeun rasa cinta, cinta and cinta ka kanjeng Nabi.
Mung sakieu nu tiasa di sanggakeun, kirang langkungna nyuhunkeun di hapunten
Kembang paku kembang ayakan
Kalo anda cinta ka kanjeng Nabi, jangan lupa Sholawatan
شكرا كثيرا على اهـتمامـكم
والله الموافق الى اقوام الطارق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته

Komentar
Posting Komentar