Materi Dakwah - ISRO MI'ROJ part 2 (keren pisan)

Isro Mi’raj

Part 2

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

اَلْحَمْدُ لِلهِ الذِيْ اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الاقْصَى الذِيْ بَارَكْنَا حَوْلَه لِنُرِيَه مِنْ ايتنَا إِنَّه هُوَ السميعُ الْبَصِيْر . " اللهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِى رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ وَحَصِّلْ مَقَاصِدَنَا "

Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…

Puja sareng puji nu kapatri dina ati urang sanggakeun kadzat  Allah nu maha Suci, nu nentukeun taqdir ti ajali, rek ngeunah rek nyeuri, rek siang rek wengi, sok sanajan loba kajadian nu teu kaharti, kacilakaan majarkun telat ngoper gigi, kukumpul harta geuning teu bukti-bukti, usaha dekul-dekul kalah loba hutang ka BRI, pamajikan goreng adat kasalaki, dibere teri kalah hayang lauk cai, dibere sarimi kalah ngadat hayang spageti, ari dandan hayang kawas Desi Ratnasari, ngan hanjakal  bedak jeung lipstik teu kabeuli, tungtungna ngaeundeurkeun jagat bumi, mantak ge ayeuna mah urang ngaji- tolabul ilmi jeung simkuring anu ganteng mirip Jet lee. Leres bu?

Sholawat sareng salam mugia di curahkeun kanu janten baginda, junjunan urang sadaya,  nu kagungan akhlak anu mulya, lain saukur beja jeung cerita anu teu aya guna, lain ngan saukur omong kosong ti ulama, tapi wahyu ti Allah nu maha kawasa, piraku urang teu bangga boga nabi nu gagah perkasa, teu daek nunjukeun kataat jeung rasa kacinta, korban dikit mah moal mantak bahaya, kadang-kadang iuran rajaban ge urang mah rada kapaksa, sanes kitu bapa-bapa ? tapi mudah-mudahan ieu teh janten amal sae kangge urang jaga. Amin ya Robbal Alamin.

Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…

Pa bu, ngadegna sim kuring di dieu lain luhur ku elmu jembar ku pangabisa, tapi sim kuring mah santri nu hoyong bisa nyarita di payuneun ibu, bapa jeung para pemuda, mudah-mudahan sing janten jalmi anu tiasa sepertos Abah syaikhuna jeung para alim ulama nu sanesna.Amin ya allah ya Robbal ‘alamiiin.

Jama’a……h

Saur elmu balaghoh, bahwa kalam teh eta kudu sesuai jeung muqtadhol halna, dina pada nyarita kedah sesuai sareng kaayaan, kumargi ayeuna mah acara isro mi’roj janten sim kuring bade di ajar ngabahas tentang isro mi’roj,

Pa, bu, ari isro teh pami ceuk santri mah shegatna  masdar tina lafadz asroo yusriii isroooan nyaeta fiil bina lazim lafadz saroo anu di muta’adikeun ku hamzah, da saurna hamzah teh kalebetkeun kana  sapalihna parabot ngamut  a’adikeun, kama qoola mushonif tina kitab yaquulu:

بالهمز والتضعيف عد ما لزم   -   وحرف جَرٍّ اِنْ ثُلاثِياً وُسِم

Ari isro teh hartosna perjalanan Rosulullah ti masjidil harom nu aya di mekah nepika masjidil aqsho nu aya di palestina

Pami mi’roj mah hartosna naikna kanjeng Rosul ti masjidil aqsho ka langit kasatu, kadua, katilu, kaopat, kalima, kagenep ka tujuh , ka sidrotul muntaha, rofrofil a’la bahkan dugika mustawa. Ngan di dieu sim kuring bade ngajelaskeun naon sababna pangna kanjeng Nabi di isro jeung di mi’rojkeun ku Allah SWT, maka ja wa bannya… adala…..h:

Sabab yang namanya bumi pa, bu akang eteh rumasa pangmulyana, pangagungna, bahkan ngaku panghebatna tibatan langit, sehingga ceuk bumi: hai langi…t ana khoirun minki: kaula mah lewih alus tibatan maneh, sabab di kaulamah aya sesuatu anu moal aya di maneh, sok tingali ayeuna , di kaula mah aya negara indonesia malaysia, amerika, afrika, eropa, jawa, sunda, bahkan aya laut batujaya, pakis jaya, cilamaya. Ari maneh boga na…on, hahhhh.

Kumaha ceuk langit: hai bumi, sombong sekali kauuu, kakarak boga negara jeung laut geus sombong, justru kaula nu lewih alus tibatan maneh, sok ayeuna tingali ku maneh, di kaula mah aya panonpoe, bulan, bintang arasy, kursi, jeung sorga. Cing cobi di maneh aya henteu…..sorga?? moal aa..ya, panon poe, moal aa…ya, hah. Jadi perkara nu aya di kaula eta moal aya di maneh. Kumaha ceuk bumi: ha….h maneh oge kakarak boga panonpoe, bulan jeung bintang geus sombong, tuh ayeuna tingal deui ku maneh, di kaula mah aya baitulloh, tempat anu di pake ibadah ku para Rosul, Nabi, wali jeung jalmi sholih. Bahkan langit, anu kabita hoyong ka baitulloh teh sanes para nabi jeung Rosul wungkul, tapi ibu-ibu bapa-bapa aki aki ninini para pemuda dan pemudi oge hoyongeun ka baetullah mah sanajan can boga bekel oge. Leres teu pa.., bu….?

 Kumaha ceuk langit: harrr, kakarak boga baetulloh geus sombong, di kaula ge sami atuh ari tempat ibadah mah ayya nyaeta baetul ma’mur, di baetul ma’mur mah tempatna para malaikat tarhowaf.

Ayeuna kumaha ceuk bumi: haii….. langiiit, aya hiji deui anu moal aya di maneh, ceuk langit (  naoon ? ),  terang teu…, di kauala mah aya mahluk anu paling agung jeung mulya, gustina sakabeh utusan nyaeta kanjeng Nabi Muhammad SAW

Jama’a…h

Langit ketika ngupingkeun cariosan bumi,  bahwa di bumi mah aya kanjeng Nabi muhammad SAW, eta langsung cicing, repeh alias jempe. Nepika langit sediiiih, rindu aliyas sono ngupingkeun jenengan kanjeng Nabi, Nu akhirna eta langit menta ka Gusti Allah, hoyong di dongkapan kanjeng Nabi.

Jama’aa..h, tah teras kahoyongna langit di ijabah ku gusti Allah SWT. Tah ti dinya tepatna wengian ka 27 Rojab gusti Allah ngabewarakeun ka malaikat jibril, supaya ulah maca tasbeh, ka malaikat ijroil, maneh ulah nyabut nyawa. Teras malaikat Jibri nanros ka gusti Allah: Ya Robb, naha datang poe kiyamah??? Sanes Jibril, tapi ayeuna mah anjen angkat ka surga Teras candak Buroq nu aya di dinya. Langsung eta malaikat Jibril teh ibu bapa, angkat ka surga, geus nepika sorga, ternyata di dinya teh aya 40 rebu buroq anu nuju senang-senang, masing-masing buroq tersebut dina tarangna teh aya jenengan kanjeng Nabi Muhammad SAW .

Jama’aa….h, tina 40 rebu buroq, ternyata aya anu katingal sedih, merana, lalu eta buroq di tanya ku malaikat jibril, ‘ hei buroq, kunaon maneh sedih, kumaha ceuk buroq: hei jibril kaula the sediiih tapi nangis. Heeuh atuh kunaon maneh nangis??? Ya Jibril kaula tos 40 rebu tahun memendam rasa rindujeung cinta ka kanjeng Nabi, nepika kaula teu bisa dahar, nginum, kaula teh hoyong amprok jeung Muhammad.

Jama’aa…h

Kumaha ceuk jibril: hei buroq ayeuna ku kaula, anjeun bakal di candak jeung di tepangkeun jeung Muhammad .kumah saur Buroq : leres ieu teh jibril?

Tah eta para jama’ah tina sapalihna sabab musabbabna pangna kanjeng Nabi Di isro jeung di  Mi’rojkeun ku Allah SWT.

Wassalamu ‘alaikum WR. WB

Komentar