Assala mu’alaikum Wr.Wb
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Langkung tipayun
hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Allah anu maha suci,
nyanggakeun puja anu biasa ka Dzat anu maha kawasa, sarta nyerenkeun
syukur ka Dzat anu Maha Ghofur, anu parantos masihan ni’mat panjang
umur, alhamdulillah dina dangeut ayeuna urang sadayana tiasa patepung
lawung patepang wajah paamprok jonghok, riung mungpulung, bongkok
ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah, anu tujuanana teu aya sanes deui
iwal ti seja ibadah, seja ngalaksanakeun parentahanana jeung hoyong
kenging karidhoanana.
Oge sholawat
sinareng salamna mudah-mudahan Allah SWT ngalimpahkeun ka baginda
tercinta, baginda termulya, pimpinan di atas pimpinan, pemimpin anu
cinta umat, pemimpin anu cinta rakyat, anjeuna pamimpin anu teu wantun
ngaleueut hiji teguk cai, upama tukangeunana masih keneh aya rakyat anu
kahausan, anjeuna jalmi anu teu wantun tuang, lamun gigireunana aya
keneh jalma anu kalaparan, nyatana baginda nabi besar Muhammad SAW.
Dina ieu sa’ah nu mubarokah insya Allah sim kuring bade ngabahas “Meredam Kenakalan Remaja”
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Peribahasa
mengatakan: “ masa remaja adalah masa yang paling indah”, teu aya masa
anu paling endah iwal ti masa remaja, tah ieu teh lain ngan saukur
diakui ku para pamuda jeung remaja, bahkan diakui oge ku para aki-aki
jeung bapa-bapa. Ayeuna para hadirin, naon sababna atu..h masa remaja
nepika disebat masa nu paling endah? Jawabanana nyaeta: Sabab masa
remaja mah pami ditingal tina segi perawakanana oge eta sagala-galana
serba kuat, nya kuat dahar, nya kuat ulin, komo kana sare mah kuat pisan
meureu..n. Sok we..h urang buktikeun. Ayeuna kuat dahar, dimana-mana nu
namina remaja eta pami barang dahar teh pasti pang kuatna jeung
panggembulna, nepika lamun can seep jeung piring - piringna moal waka
beres siganamah, tah eta daharna para remaja . Ayeuna kuat dina ulin,
dimana-mana anu loba ulina pasti para remaja,teu kacarita aki-aki jeung
nini-nini loba ulin, sugan di dieu aya aki-aki jeung nini anu ulina teh
ti mimiti isuk dugika sore, aya teu…? pami aya sok keureut
ceuli munding. Anu kacarita loba ulin mah teu aya sanes deui iwal ti
para remaja eujeung para pamuda, lamun ceuk kolot mah :
Peda dibeuleum ku lilin
Katutungan didudutan
Pemuda nu beuki ulin
Nyisiran jeung heheyotan
Padahal para
hadirin, teu saeutik para remaja anu sangsara nan hina eta teh kusabab
waktuna loba di pake kana ulin, akibatna loba kenakalan para remaja,
mabok-mabokan di mana-mana eta teh di sebabkan karena loba ulina para
remaja. Nah lamun tos kitchu… maka suram and seramlah masa depan para
remaja. leres teu..?
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Berkaitan sareng para remaja and pamuda, anu memang remaja and pamuda teh anak bangsa sareng agama Allah SWT berfirman dina Al-qur’an Surat Al-anfal ayat : 28,
وَاعْلَمُوا أَنَّمَآ أَمْوَالُكُمْ وَأَوْلاَدُكُمْ فِتْنَةُُ وَأَنَّ اللهَ عِندَهُ أَجْرُُ عَظِيمُُ
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Mencermati tina
ayat tersebut, bahwa harta jeung anak adalah ‘FITNAH’, dina Tafsir
Munir, nu di maksad dengan ‘FITNAH’adalah: ” mihnatun minallah”,
hartosna cobaan ti gusti Allah SWT. Jadi jalma nu boga harta jeung anak
eta teh jalma anu nuju di coba ku gusti Allah SWT , ngan aneh bin ajaib
para hadirin, loba jalma anu teu rumasa lamun dirina nuju di
coba ku gusti Allah SWT ku ayana harta jeung anak. Sehingga ku henteu
sadarna eta jalma kana cobaan ti gusti Allah, maka teu saeutik jalma anu
disiksa ku gusti Allah SWT, lantaran ayana harta jeung anak. Leres
teu…?
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Pami ditingal
sajorelat, emang antara cobaan sareng siksaan eta teh siga sami, padahal
lamun di telik-telik mah eta teh benten, naon perbenteunanana,,,? kieu
para hadirin, pami cobaan mah di inshirofkeunana atanapi tertujuna teh
ka jalmi nu thoat ka gusti Allah SWT, sanes ka jalmi nu doraka kagusti
Allah. Ari anu keuna kajalmi nu doraka mah disebatna teh nyaeta siksaan
sanes cobaan, pahimtum…?
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Hayo urang kembali
ka le..f top, Nah karena harta jeung anak adalah cobaan, mangka
kewajiban pertama kanu jadi indung bapa teh nyaeta kudu leres-leres
ngadidik budak kana ilmu agama khususna, naon sababna? margi dina jaman
kiwari mah loba budak anu siga geus teu kenal jeung indung bapana, tah
ayana kitu teh di sababkeun budak teu ngadahar kana ilmu agama, padahal
lamun mah eta budak ngadahar kana ilmu agama.., maka moal dugika aya
budak anu teu kenal jeung indung bapakna, matakan anu salah teh lain
budak-budak teuing tapi justru indung jeung bapakna oge ikut salah.
Malahan mah Para Hadirin Rohimakumulloh…
Para remaja di
jaman kiwari pami teu ngadahar ilmu agama eta teh lolobana geus
berkiblat ka barat-baratan, dina pada gaya hidupna geus mengikuti gaya
orang barat, sok weh lamun di tingali tina segi pakaian, para remaja
masya Allah ayeunamah lamun teu make levis jeung baju setrit, baju
lekbong, anu katingal teh kelek jeung tonggong, ditambah-tambah merasa
bangga ejeung bujalna nu bodong, wah bakal era aliyas geus teu zaman,
lantaran teu dikatakan gaul
thea kithu lo..h.., tuluy ayeuna dina segi makanan, budak zaman
ayeunamah geus teu keunal ejeung sampeu, geus teu keunal jeung kangkung,
komo tahu jeung genjer mah, anu dikenalna nao..n? hamburger, fried
chiken, coca-cola,seprai..t, and fuantha.. hahaha… malahan susuna oge
lain indomilk deui tapi susu cap kuda liar, betul…?, padahal para
hadirin rohimakumulloh, Rosululloh tos masihan suri tauladan ka urang
selaku umatna, sakumaha pidawuh Allah SWT dina surat Al-ahzab ayat : 21
لَّقَدْ
كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَن كَانَ يَرْجُوا
اللهَ وَالْيَوْمَ اْلأَخِرَ وَذَكَرَ اللهَ كَثِيرًا
“sesungguhna
telah ada pada diri Rosulullah itu contoh suri tauladan yang baik
bagimu, dialah orang-orang yang mengharapkan rahmat Allah dan kedatangan
hari qiyamat dan ia banyak menyeut nama Allah”. (Al Ahzab : 21)
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Maju jeung mundurna suatu bangsa jeung agama teh ayana ditangan para remaja jeung pamuda , matakan aya bahasa:
شـبان الـيوم رجـال الـغـد
“Pamuda atanapi remaja jaman ayeuna eta teh jago-jago di masa yang akan datang”
Matakan
supados negara jeung agama urang cerah di masa yang akan datang, mangka
diperyogikeun pisan para pemuda jeung remaja anu siap menghadapi zaman
sanes pamuda jeung remaja anu sieun ku zaman,
Kesimpulan
tina pidato ieu, para remaja reujeung pamuda eta teh kudu dibekali ilmu
agama, lantaran loba kenakalan para remaja ejeung pamuda eta teh di
sebabkeun teu boga ilmu agama bari jauh jeung agama.
شكرا كثيراعلى اهـتمامـكم
والله الموافق الى اقوام الطارق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Komentar
Posting Komentar