MUHARAM TAHUN BARU ISLAM
السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمدلله ربالعالمين وبه نستعين على مورالدنيا
والدين وعلى اله وصحبه ورك وسلّم
وقال الله تعالى فى القرأن ا لكريم اعوذبالله من الشّيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم
فَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا
يَرَهُ # وَمَن يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا
يَرَهُ
وقال نبينا محمّد صلّى الله عليه وسلّم
وقرأرسول الله صلى الله عليه وسلّم
وَالْمُهَاجِرُ
مَنْ هَجَرَ مَانَهَى اللهُ عَنْهُ
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Langkung tipayun hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu
paranti ka Allah anu maha suci, nyanggakeun puja anu biasa ka Dzat anu maha
kawasa, sarta nyerenkeun syukur ka Dzat anu Maha Ghofur, anu parantos masihan
ni’mat panjang umur, Alhamdulillah dina dangeut ayeuna urang sadayana tiasa
patepung lawung patepang wajah paamprok jonghok, riung mungpulung, bongkok
ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah, anu tujuanana teu aya sanes deui iwal ti
seja ibadah, seja ngalaksanakeun parentahaNana jeung hoyong kenging karidhoanana.
Oge sholawat sinareng salamna mudah-mudahan Allah SWT
ngalimpahkeun ka baginda tercinta, baginda termulya, pimpinan di atas pimpinan,
pemimpin anu cinta umat, pemimpin anu cinta rakyat, Anjeuna pamimpin anu teu
wantun ngaleueut hiji teguk cai, upama tukangeunana masih keneh aya rakyat anu
kahausan, Anjeuna jalmi anu teu wantun tuang, lamun gigireunana aya keneh jalma
anu kalaparan, nyatana baginda nabi besar Muhammad SAW.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Urang sadayana parantos sami-sami terang yen tugas Nabi Muhammad Saw, ngemban
agama islam the sanes padamelan anu enteng, margi kedah ngarobah sikap mental
kapercayaan masyarakat tina kamusyrikan nyembah rupa-rupa sesembahan jadi
nganut kapercayaan tauhid, nekadkeun kana hiji sareng nunggalna Zat Alloh ANu
Ghaib, ngadangdosan tingkah laku masyarakat tina kadoliman supaya jadi
masyarakat anu saroleh, ngagem akhlakul karimah ahlak anu hade cara mikir anu
realistis, leupas tina katahayulan, katut kasasaran sejenna.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Sakitu abotna tugas anu di emban ku Nabi Muhammad Saw,
nalika Nabi nyebarkeun tauhid di kalangan musyrikin maranehan nana terus
nentang luar biyasa naepi ka akhirna ngancam maehan ka kangjeng Nabi, saeutik
pisan urang Qursy anu pindah agama kana Islam. Mangpirang-pirang kaum muslimin
anu di aniyaya ku kaaum Musyrikin di baikot sagala rupa pangabutuhna, malah
kungsi Kangjeung Nabi sareung para sahabatna diusir ka hiji legok anu henteu
aya pisan pangiuhan heunteu aya tatangkalan sareung dahareun, nyaeta anu di
sebut legok syi’ib.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
ku ayana da’wah islam di mekah seuseut pisan malah
kenging tangtangan anu luar biyasa, Kangjeung Nabi kungsi ngawidian kapara
sahabatna hijrah ngusngsi ka nagara Habsyi anu aya di wewengkon Benua Afrika
beulah kaler anu di seuseupuhan ku Syadina Utsman bin Affan mantu Kangjeung
Nabi.
Tapi di sagigireun eta kajadian teu weleh aya bae jalama
anu di pasihan hidayah ku Gusti Alloh ti luar mekah, utamina ti Madinah anu
darongkap ka Kangjeung Nabigeusan lebet agama Islam. samarulihna ka Madinah eta
para sahabat terus ngayakeun da’wah ka tatanggana sehingga lambat laun tambih
seueur.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
kacarioskeun dina mangsa 13 taun kaopt belasna Kangjeung
Nbai oge dipiwarang hijrah ka Madinah ku Gusti Alloh sareng sadaya sahabatna.
Aranjeunna hijrah ka Madinah ngantunkeun rumah tangga sareung harta bandana
salian ti anu kacandak. tah kitu kekuatan iman aranjeun the.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Numutkeun tafsir Ruhul bayan Juz 2 halaman 271 ieu
ayat ngandung hartos yen:
sakur hijrah
tegesna indit ti imah pikeun kepentingan agama sapertos nyiar elmu, mungah
haji, jihad da’wah nyebarkeun agama , nyingkahana tempat anu henteu laluasa
nyiar rejeki anu halal eta sadayana kalebet katagori hijrah.
sakur jalama anu hijrah kalawan maksud karena Alloh
tangtu bakal pinanggih jeung kamajuan ngeunaan rejeki, pangaweruh jeung
sajabana.
sareung dauhan Alloh
والذين امنوا وهاجروا وجاهدوا فى
سبيل الله.......(الانفال)
Hartosna ari jalama anu ariman jeung halijran jeung ngalakonan
jihad dina jalan Alloh jeung jalma –jalama anu mere tempat pindahna sarta mere
pitulung ku ngayagikeun pasilitasna atanapi pangabutuhna ka anu hijrah tah eta
kabeh jalma –jalma anu balener imanna. maranehan nana bakal meunang pangampura
jeung rijki kani’matan anu mulya.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Peryogi ka uninga yen hartosna hijrah ngandung kana 2 harti nyaeta, hijrah fisik
(lahiriah) sareung fisikis (batiniah)
Hijrah Fisik nyaeta:
تَرْكُ
الْوَطَنِ الَّذِيْ بَيْنَ الْكُفَّارِ وَاْلاِنْتِقَالُ اِلَى دَارِ اْلاِسْلاَمِ
hartosna ningalkeun
kampungna anu aya di daerah kaum kapir ka tempat kaum muslim.
Hijrah Fisikis nyaeta hijrah sakumaha dauhan Kangjeung
Nabi
وَالْمُهَاجِرُ
مَنْ هَجَرَ مَانَهَى اللهُ عَنْهُ
Hartosna “Ari anu hijrah the nyaeta anu ningkahan cegahan
Alloh”
Tegesna pindah tina asal sok ngedul ibadah jadi getol
asal mabok-mabokan jadi tara, asal sok medit jadi berehan sareung sajabana.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Sakumaha diterangkeun tadi yen Hijrah Fisik (lahiriah)
the ngawengku kana ngantunkeun lembur rumah tangga geusan nyiar elmu,
nyebarkeun agama, nyiar rejeki anu halal kalawan maksud karena Alloh,
dijangjikeun ku Gusti Alloh ka jalam anu nglakonan nana bakal pinanggih sareng
kabungahan, kauntungan anu seeur pisan.
memang nyata pisan upami jalma ngamalkeun kan hijriyah
the bakal:
tambah kataqwaan ka Gusti Alloh
tambah elmu katut pangalaman
tambah kawawuhan sareng sobat-sobatna
tambah rejekina sareung pangaruhna
tambah kasono upami tepang sareng saderek atanapi kenalan
lamina.
Para Hadirin Rohimakumulloh…
Minangka kasimpulan simkuring umajak kasadayana
ka sadyana kaum muslimin mangga urang ngalap hikmah tina
mieling hijrah Nabi Muhammad Saw. ku cara ngayakeun kagiatan anu sakira
nambihan kana sumebarna syiar Islam di tengah-tengah masyarakat urang sareng
kasejahteraan masyarakat, khususna kaum muslimin sareng ngantunkeun
kama’siyatan.
khususna ka para pamuda para nonoman supaya halijrah
sakumaha maksud kasebat tadi ulah kurung batok, sing aremut yen alam dunya the
lega saliar elmu ka mana bae anu sakira cocok sareng hate aran jeun, sebarkeun
ajaran islam ka kaum muslimin anu masih keneh kakirangan pigureun. tuturkeun
jalma-jalma anu transmigrasi mumule ajaran islamna.
Akhirna mangga urang ronjatkeun kataqwaan urang ka Gusti
Alloh meungpeung urang sadaya masih keneh dipasihan waktos hirup sateuacanna
dipundut ku Alloh kalawan hidayah sareng taupek.
شكرا كثيراعلى
اهـتمامـكم
والله الموافق الى اقوام الطارق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Komentar
Posting Komentar