Materi Dakwah - AKHLAQ

Para wargi sadayana anu mihareup ridho allah
Tujuan utama Nabi Muhammad diturunkeun ka dunia teh nyaeta kanggo nyampurnakeun akhlaq. Sakumaha dina hadist :…

“saestuna kaula di utus keur nyampurnakeun akhlaq”
Maka sebagian mufassir aya nu nyebatkeun bahwa Nabi teh Al-Qur’an nu berjalan, sabab akhlaq nabi sakumaha anu diparentahkeun ku allah dina al-qur’an.

Para wargi anu sami-sami hadir…
Abdi bade naros. Tenang we da sanes tentang matematika atawa fisika. Nu bade di taroskeun, jadi akhlaq kedah di bina ti iraha? Oh, jadi kedah ti alit keneh? Leres?
Abdi gaduh carita, bapa nitah ka budakna, jang geura ngaos tos magrib. Budak ngajawab, ari bapa naha nonton sanes ngaos? Bapa anu nitah lieur ku sabab era sambil nyarios, bapa mah geus kolot ujang mah alit keneh. Lamun bapana nyarios kitu maka budak bakal boga pamikiran “oh, lamun geus kolot mah bae teu ngaji oge da ayeuna we keur budak kudu ngaji teh”
Jadi jawaban anu sae, alus,  good, anu pas nyaeta ti AYEUNA. Tahun ayeuna, bulan ayeuna, minggu ayeuna, poe ayeuna, jam ayeuna, menit ayeuna, detik ayeuna urang ngarobah sikap, ngarobah akhlaq, urang sami-sami hijrah dina kagorengan kana kasaean. Siap….????


Para hadirin rahimakumullah…
Budak alit akhlaqna tergantung kumaha sikap orang tuana, lanceukna, guruna, terutama lingkungannana. Maka aya pribahasa “lamun urang gaul sareng ustad atawa kiai, minimalna urang jadi santri. Lamun urang gaul sareng guru, minimalna urang jadi murid. Tapi lamun urang gaul sareng garong, minimalna jadi tukang copet. Lamun gaul sareng tukang mabok, minimalna urang lamun lempang oleng, dengdek. Saperti kieu…

Hadirin sadayana..
Bapa-bapa sareng ibu-ibu geus nyaho mana anu alus, mana anu goreng, tos tiasa nentukeun hirupna, bade ka kulon pa ka wetan. Tapi budak alit kumaha saur indung bapana, sakumaha dina hadist :

Tiap orang dilahirkeun membawa fitroh, ibu bapana anu ngajadikeun yahudi, nasrani, atawa majusi. (hadist riwayat bukhari muslim)

Para wargi nu mihareup ridho allah…
Tetapi anu paling sulit ngarobah akhlaq keur para remaja sareng para pemuda, sabab saur bang haji roma irama dina sairna
Darah muda, darahnya para remaja.
Yang selalau merasa gagah tak pernah mau mengalah
Masa muda masa yang berapi-api
Yang maunya menang sendiri walau salah tak perduli, darah muda ha…
Biasanya para remaja berpikirnya sekali saja tanpa menghiraukan akibatnya
Wahai kawan para remaja berpikirlah dalam melangkah agar tidak menyesal akhhirnya…

Para remaja srg pemuda ayeuna nuju gundah, hayang nyoba sagala anu jadi penasaran keur dirina. Bertindak saenakna hati tanpa mikirkeun resiko jeung akibat anu bakal dihadapina. Maka lamun salah langkah, salah gaul bakal patal akibatna. Orang bijak arab nyarios :

“lamun nu budug campur jeung nu cageur, lain nu budug jadi cageur tapi nu cageur jadi budug”
Jadi saalus apapun jalma eta lamun salah gaul maka lain bisa mawa kabeneran ka nu lain, tapi bisa-bisa manehna  sorangan anu kabawakeun kana kagorengan ku batur.
Contona: di hiji ruangan aya 10 jelema, ngaroko 9 orang hiji nu teu. Tapi tetep we hasepna mah kabagean. Lamun urang sok ulin di deket tukang minyak, sengitna baju urang kabagean.

Maka kedah kumaha ngarah para remaja teu slah jalan? Babaturan kumahaanu bisa mawa urang kana kaalusan? Dina Al-qur’an surat an-nissa ayat 69:


Artina “Dan Barangsiapa yang mentaati Allah dan Rasul(Nya), mereka itu akan bersama-sama dengan orang-orang yang dianugerahi nikmat oleh Allah, Yaitu: Nabi-nabi, Para shiddiiqiin, orang-orang yang mati syahid, dan orang-orang saleh. dan mereka Itulah teman yang sebaik-baiknya.”
Maka kanggo para pemuda dimana pun ayana, khususnya dikelas ieu, urang sasarengan memperbaiki akhlaq. Sabab hasil ISRO MI’RAJ nabi nyaeta SHOLAT, BUAH na SHOLAT nyaeta AKHLAQ anu SAE. Kusabab kitu hayu uarang sami-sami memperbaiki akhlaq,sanes kanggo diri pribadi wungkul tapi kanggo sadayana. Hapunteun bilih tea abdi dina nyampeikeun seueur kalepatan sareng kakirangan. Sakitu anu tiasa kapihatur :

C: carilah teman sebnyak mungkin
O: orang yang menjadi temanmu adalah cerminan bagi dirimu
Y: yakinlah dari sekian banyak teman mu hanaya ada satu teman sejatimu

Teman sejati mu adalah teman yang membuat dirimu menangisi akan kesalahan mu bukan teman yang membuat kamu tertawa karena kebaikan mu
Ditutup ku doa
Assalamualaikum wr. wb.

Komentar