Materi Dakwah - BA nu aya dina Kalimat BISMILLAH

            Assalamu’alaikum  warohmatullohi wabarokatuh
            Alhamdulillah dina dangeut ieu sim abdi bade ngabahas tentang ba , anu aya dina lafad bismillah ban a nyaeta ba haraf jar pangna dikawitan ku haraf jar:
1.kitaabul munajjil, kitab anu di turunken ka bumi suhuf nabi Ibrahim  as ,toret, jabur, injil, kumpul dina al-quran .al-quran kumpul dina fatihah, fatihh kumpul  dina bismillah,bismillahirrohmanirrohim kumpul din aba na lafad bismillah.
2. ba huruf safawi haraf anu diuningakeun ku biwir koncina sakbeh carita anu ngandung harti moal terbuka sakabeh rahmat anging ku alloh. Dauhn alloh dina  al-quran surat fatir ayat 3
3. ba titikna hiji imahna diluhur,nandakeun alloh hiji sifatna,dzatna,sareng padameulannana. 


(wahdatul maudud,wahdatul mathlub,wahdatul matlub,wahdatul maqsud) saha jalma anu macakeun kalawan nekadkeun bis maca ku padamelan alloh (wahdatul maujud fil af’al) pang maca seja bakti wahdatul ma’bud, dibaca peah parentah alloh jeng ngalap berekah menta pitulung (wahdatul matlub)tujuan maca haying ridho alloh.(wahdatul maksud).
Lafad bismillahirrohmanirrohim anu hartosna kalayan nyebat jenengan alloh nu maha wlas jeng maha asih, dina lafad bismillahirrohmaanirrohiim. Ka hiji, lafad alloh. Ka dua lafad arrohmaan. Ka tilu lafad arrohiim.
1.  Lafad alloh, upami ku urang di pikir ku diri, ditimbng ku rasa,ieu alam katut sugrining anu aya di ieu alam jagat dunya pasti aya anu nyienna,makhluk insani nyaeta manusa makhluk hayawani, fauna,nyaeta sasatoan jeng makhluk nabati nyaeta tutumbuhan langit jeng eusina anu aya di marcapada anu lain itung-itungeunnana,ku saha dijieunna???????????? Upama ngarah gampang mah jawabna the manusa dijieun ku manua,jeng hayam di jieun ku hayam, tapi jek jalma anu iman mah alam katut sagala rupa sareng manusa di dameul ku al-kholik, alloh anu maha kawasa pangerananumaha esa.
2.   Ka dua sareng ka tilu nyaeta lafad arrohman arrohim
Anu hartosna anu maha welas asih,diantara welas asihan allohnu bukti kalayan nyaeta rijki anu mang rupa materi anu aya di sakuriling bungking, oge rijki the aya rijki anu badag,anu mutlak pentingna saperti hawa tirta jeng cahaya nu mutlak jadi tatali hiruf di paparinkeun ku nu maha rahman raahim, walatra te ayaanu hente, cobi perhatoskeun dina kitab dikawitan ku bismillahirrahmaanirrohiim leres kitu??? Naon sababna? Sabab ka hiji. Ibtidaan bilkitaabil ‘aziiz nyaeta turut tumut nyonto kana kitab anu agung nyaeta al_quran. Ka dua  saha-saha jalma anu rek migawena. Beda antara ningrat jeng cacah  kuricakan antara konglomerat jeng kolomero ku alloh dipasihan kasadaya maklukna, rek nu iman atawa anu teu iman (kafir) sadayana ngabutuhkeun kana eta hawa jeng cayaha.

Rupina, cariosan di sim abdi di alap ckap dugi kadie, hapunten dina sagala rupi kalepatan sareng kariranganna, sanaos hente entep sereh sareng teu malapah genahna , mudah-mudahan sing ageng hikmah sareng manfaatna,.

Komentar