ISRA MI’RAJ NABI MUHAMMAD SAW
السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
اَلْحَمْدُ لِلهِ الذِيْ اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِنَ
الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الاقْصَى الذِيْ بَارَكْنَا حَوْلَه
لِنُرِيَه مِنْ ايتنَا إِنَّه هُوَ السميعُ الْبَصِيْر . " اللهُمَّ بَارِكْ
لَنَا فِى رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ وَحَصِّلْ مَقَاصِدَنَا
"
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…/
Langkung
tipayun hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Allah anu maha
suci,nyanggakeun puja anu biasa ka dzat anu maha kawasa,sarta nyerenkeun syukur
ka dzat anu maha ghofur,anu parantos masihan ni’mat panjang umur,alhamdulillah
dina dangeut ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah
paamprok jonghok,riung mungpulung,bongkok ngaronjok di ieu haflah anu
mubarokah,anu tujuanana teu aya sanes deui iwal ti seja ibadah,seja
ngalaksanakeun parentahanana jeung hoyong kenging karidhoanana.
Oge
sholawat sinareng salamna mudah-mudahan Allah SWT ngalimpahkeun ka baginda
tercinta,baginda termulya,pimpinan di atas pimpinan,pemimpin anu cinta
umat,pemimpin anu cinta rakyat,anjeuna pamimpin anu teu wantun ngaleeut hiji
teguk cai,upama tukangeunana masih keneh aya rakyat anu kahausan,anjeuna jalmi
anu teu wantun tuang,lamun gigireunana aya keneh jalma anu kalaparan,nyatana
baginda nabi besar Muhammad SAW.
Dina ieu
sa’ah nu Mubarokah insya Allah sim kuring bade ngabahas “ Isro Mi’roj Nabi
Besar Muhammad SAW “
Cing Sim
Kuring ayeuna bade naros heula ka ibu-ibu, ari ibu-ibu terang teu naon isro
mi’roj teh? Ari Isro teh pami ceuk santri mah shegatna nyaeta mashdar tina fiil
lazim lafadz سَرَى nu
di muta’adikeun ku Hamzah, jadi أَسْرَى – يُسْرِىْ – إِسْرَاءً ,
hartosna nyaeta memperjalankan, teras nu jadi fa’ilna nyaeta lafadz Allah sanes
Lafadz Muhammad, margi lafadz Muhammad mah jadi Maf’ul Bih atanapi Obyek.
Matakan hartosna oge Gusti Allah nu Memperjalankan Kanjeng Nabi, Ti mana Pa Bu
kanjeng Nabi ngawitan Isrona? Naha ti
nagrog ?, naha ti plered ? atanapi naha ti Purwakarta ? Sanes, Sanes
Sa……..nezzzz. Yang jelas para hadirin Kanjeng Nabi teh ngawitan Isrona nyaeta :
Minal masjidil haroom ilal masjidil aqsho : ti masjidil harom nu aya di Mekkah
ke Masjidil Aqsho nu aya di Palestina
Teras ari
ngaran mi’roj nyaeta perjalanan kanjeng Nabi Ti masjidil aqsho ke langit satu,
dua, tiga, opat, lima, genep, tujuh, teras ka sidrotul muntaha, rofrofil a’la
dugika Mustawa’.
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…/
Nalika kanjeng Nabi aya di Mustawa, di dinya kanjeng
Nabi Muhammad SAW ningali aya jalmi anu nuju teuleum dina lautan Cahaya,
Ngarasa reuas kanjeng Nabi aya jalmi anu nuju teuleum di Lautan cahaya,
langsung kanjeng Nabi Naros Ka Gusti Allah : Gusti saha eta teh anu nuju
teuleum dina lautan Cahaya? Langsung di waler: eta anu nuju teuleum dina lautan
cahaya teh nyaeta umat anjen anu waktos di duniana sok dzikir ka Allah SWT nepika
baseuh dua biwirna. Cing Pa Bu lamun urang sok dzikir ka gusti Allah, kira-kira
biwir urang dugika baseuh henteu ??? kadang urang boga biwir teh baseuhna
ibu lain pedah tos dzikir ka gusti
Allah, tapi baseuh karena sibuk ngarumpi
jeung tetangga betul apa betulll? Matakan hadirin pami urang hoyong cara nu
teuleum dina lutan cahaya, wayahna urang kedah daek daek jeung da….ek dzikir ka
Gusti Allah Subhanahu…… wata’ala. Tah eta para hadirin panginten sekilas
tentang isro wal mi’roj
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum…/
Ayeuna hadirin,
banget naon atuh pangna urang ngayakeun acara isro wal mi’roj? Nepika urang
sanggup calik jeung ngadeg ti tadi di dieu?? Nah jawabannya adala….h ( ang ing
e…..ng ), nyaeta sabab cinta ka kanjeng
Nabi. Cing kira-kira urang dieu cinta henteu ka kanjeng Nabi…? ( Cinta….) pami
ka abdi…?
Cing pami leres leres urang cinta ka kanjeng,
ayeuna cobi pangwalerkeun:
Dari mana datangna cinta?... “ dari mata turun ke hati
” ( eta pami awewe zaman baheula ), tapi pami zaman kiwari mah pasti benten
deui jawabanna sanes dari mata turun ke hati deui tapi….naon cinggggg: “ dari
mata turun ke dommmmpe…t “ tah di dieu aya nu kitu aya….? Pami aya, naon cing
nu kitu namina…? ( M A T R E…) tah pa , bu ari geus cinta mah saleresna tos
lain dompet deui nu di tingali teh, tapi naon eusina dompet. Tah kitu deui urang sanaos mata dzohir teu bisa ningal
kanjeng Nabi, tapi hate jeung bathin
urang pasti ada rasa cinta jeung sono ka kanjengggg Nabi…
“ Sebuah nama yang terukir di hatikuuu,
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum….
Ku kituna yu urang
tanamkeun rasa cinta, cinta and cinta ka kanjeng Nabi.
Mung sakieu nu tiasa di sanggakeun, kirang langkungna
nyuhunkeun di hapunten
Kembang paku kembang
ayakan
Kalo anda cinta ka kanjeng Nabi, jangan lupa
Sholawatan
شكرا كثيرا على اهـتمامـكم
والله الموافق الى اقوام الطارق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته
|
Assalamualaikum. hatur nuhun kangge kontenna. Iyeu teh pisan-pisan nga bantosan kangge simabdi. Pamugi sing seer deui tema ceramah sundana. Supados simabdi moal lier lier deui milarian kamana mana. Cekap kadie We.... Hatur nuhun sakebon.💞
BalasHapus