Materi Dakwah - ISRO MI'ROJ NABI MUHAMMAD SAW (bahasa sunda)

ISRA MI’RAJ NABI MUHAMMAD SAW
السّلام عليكم ورحمة الله وبركاته
اَلْحَمْدُ لِلهِ الذِيْ اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلاً مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ الاقْصَى الذِيْ بَارَكْنَا حَوْلَه لِنُرِيَه مِنْ ايتنَا إِنَّه هُوَ السميعُ الْبَصِيْر . " اللهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِى رَجَبَ وَشَعْبَانَ وَبَلِّغْنَا رَمَضَانَ وَحَصِّلْ مَقَاصِدَنَا "
Hadirin  hadaniyallohu waiyyakum…/
Langkung tipayun hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Allah anu maha suci,nyanggakeun puja anu biasa ka dzat anu maha kawasa,sarta nyerenkeun syukur ka dzat anu maha ghofur,anu parantos masihan ni’mat panjang umur,alhamdulillah dina dangeut ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah paamprok jonghok,riung mungpulung,bongkok ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah,anu tujuanana teu aya sanes deui iwal ti seja ibadah,seja ngalaksanakeun parentahanana jeung hoyong kenging karidhoanana.
Oge sholawat sinareng salamna mudah-mudahan Allah SWT ngalimpahkeun ka baginda tercinta,baginda termulya,pimpinan di atas pimpinan,pemimpin anu cinta umat,pemimpin anu cinta rakyat,anjeuna pamimpin anu teu wantun ngaleeut hiji teguk cai,upama tukangeunana masih keneh aya rakyat anu kahausan,anjeuna jalmi anu teu wantun tuang,lamun gigireunana aya keneh jalma anu kalaparan,nyatana baginda nabi besar Muhammad SAW.
Dina ieu sa’ah nu Mubarokah insya Allah sim kuring bade ngabahas “ Isro Mi’roj Nabi Besar Muhammad SAW “
Cing Sim Kuring ayeuna bade naros heula ka ibu-ibu, ari ibu-ibu terang teu naon isro mi’roj teh? Ari Isro teh pami ceuk santri mah shegatna nyaeta mashdar tina fiil lazim lafadz سَرَى   nu di muta’adikeun ku Hamzah, jadi أَسْرَى – يُسْرِىْ – إِسْرَاءً , hartosna nyaeta memperjalankan, teras nu jadi fa’ilna nyaeta lafadz Allah sanes Lafadz Muhammad, margi lafadz Muhammad mah jadi Maf’ul Bih atanapi Obyek. Matakan hartosna oge Gusti Allah nu Memperjalankan Kanjeng Nabi, Ti mana Pa Bu kanjeng Nabi  ngawitan Isrona? Naha ti nagrog ?, naha ti plered ? atanapi naha ti Purwakarta ? Sanes, Sanes Sa……..nezzzz. Yang jelas para hadirin Kanjeng Nabi teh ngawitan Isrona nyaeta : Minal masjidil haroom ilal masjidil aqsho : ti masjidil harom nu aya di Mekkah ke Masjidil Aqsho nu aya di Palestina
Teras ari ngaran mi’roj nyaeta perjalanan kanjeng Nabi Ti masjidil aqsho ke langit satu, dua, tiga, opat, lima, genep, tujuh, teras ka sidrotul muntaha, rofrofil a’la dugika Mustawa’.
Hadirin  hadaniyallohu waiyyakum…/
Nalika kanjeng Nabi aya di Mustawa, di dinya kanjeng Nabi Muhammad SAW ningali aya jalmi anu nuju teuleum dina lautan Cahaya, Ngarasa reuas kanjeng Nabi aya jalmi anu nuju teuleum di Lautan cahaya, langsung kanjeng Nabi Naros Ka Gusti Allah : Gusti saha eta teh anu nuju teuleum dina lautan Cahaya? Langsung di waler: eta anu nuju teuleum dina lautan cahaya teh nyaeta umat anjen anu waktos di duniana sok dzikir ka Allah SWT nepika baseuh dua biwirna. Cing Pa Bu lamun urang sok dzikir ka gusti Allah, kira-kira biwir urang dugika baseuh henteu ??? kadang urang boga biwir teh baseuhna ibu  lain pedah tos dzikir ka gusti Allah, tapi baseuh  karena sibuk ngarumpi jeung tetangga betul apa betulll? Matakan hadirin pami urang hoyong cara nu teuleum dina lutan cahaya, wayahna urang kedah daek daek jeung da….ek dzikir ka Gusti Allah Subhanahu…… wata’ala. Tah eta para hadirin panginten sekilas tentang isro wal mi’roj
Hadirin  hadaniyallohu waiyyakum…/
Ayeuna hadirin, banget naon atuh pangna urang ngayakeun acara isro wal mi’roj? Nepika urang sanggup calik jeung ngadeg ti tadi di dieu?? Nah jawabannya adala….h ( ang ing e…..ng ),  nyaeta sabab cinta ka kanjeng Nabi. Cing kira-kira urang dieu cinta henteu ka kanjeng Nabi…? ( Cinta….) pami ka abdi…?
Cing pami leres leres urang cinta ka kanjeng, ayeuna cobi pangwalerkeun:
Dari mana datangna cinta?... “ dari mata turun ke hati ” ( eta pami awewe zaman baheula ), tapi pami zaman kiwari mah pasti benten deui jawabanna sanes dari mata turun ke hati deui tapi….naon cinggggg: “ dari mata turun ke dommmmpe…t “ tah di dieu aya nu kitu aya….? Pami aya, naon cing nu kitu namina…? ( M A T R E…) tah pa , bu ari geus cinta mah saleresna tos lain dompet deui nu di tingali teh, tapi naon eusina dompet. Tah kitu deui  urang sanaos mata dzohir teu bisa ningal kanjeng Nabi, tapi hate jeung bathin  urang pasti ada rasa cinta jeung sono ka kanjengggg Nabi…
“ Sebuah nama yang terukir di hatikuuu,
Hadirin hadaniyallohu waiyyakum….
Ku kituna yu urang tanamkeun rasa cinta, cinta and cinta ka kanjeng Nabi.
Mung sakieu nu tiasa di sanggakeun, kirang langkungna nyuhunkeun di hapunten
Kembang paku kembang ayakan
Kalo anda cinta ka kanjeng Nabi, jangan lupa Sholawatan
شكرا كثيرا على اهـتمامـكم
والله الموافق الى اقوام الطارق والسلام عليكم ورحمة الله وبركاته



 

Komentar

  1. Assalamualaikum. hatur nuhun kangge kontenna. Iyeu teh pisan-pisan nga bantosan kangge simabdi. Pamugi sing seer deui tema ceramah sundana. Supados simabdi moal lier lier deui milarian kamana mana. Cekap kadie We.... Hatur nuhun sakebon.💞

    BalasHapus

Posting Komentar